Wajib ka jalma Islam na, uninga rundayan nana
Jeung nabi Utusan Allah, Muhammad putra Abdullah

Abdullah putra Muthalib, Muthalib putrana Hasyim
Hasyim putra Abdul Manaf, Abdul Manaf Putra Qusay

Qusay putrana Kilab, Kilab putrana Murrah
Murrah putrana Ka’ab Ka’ab putrana Lu’ay

Lu’ay putrana Ghalib, Ghalib putrana Fihr
Fihr putrana Malik, Malik putrana Nadhar

Nadhar putra Kinanah, Kinanah putra Huzaimah
Huzaimah putra Mudrikah, Mudrikah putrana Ilyas

Ilyas putrana Mudhar, Mudhar putrana Nizar
Nizar putrana Ma’ad, Ma’ad putrana ‘Adnan

Nu wajib dugi ka ‘Adnan, ti ‘Adnan dugi Adam
Henteu wajib uningana, sabab taya jalan shahih…

Wajib deui uningana, rundaiyan nu ti ibuna
Jeung Nabi Utusan Allah, Muhammad putra Aminah

Aminah putrana Wahab, Wahab putra ‘Abdi Manaf
‘Abdi Manaf putra Zuhrah, Zuhrah putrana Kilab

tepang deui di eyang na, di Kilab jangawareng na
Janten ibu jeung ramana, masih keneh saruntaian…