poe ahir

gusti Alloh tos ngadauh     *     dina qur'an tos di wuwuh
ari  kiyamah pakewuh       *     sakabeh gunung raruntuh

gunung  gunung tlabrakan  *     caah laut kadaratan
hancur sakabeh hayawan  *     jalma taya kasadaran

tiayeuna bebekeulan         *     pikanyaah eta badan
saacan datng panggilan     *     tugas asup ka kuburan

didinya mahluk ngagelar    *    karumpul di ahrah masyar
rasa halabhab jeung lapar  *    cing jareurit cing galewar

iwal jalma anu to'at           *     anu kersa syukur ni'mat
nu turut kana amanat        *      ku gusti Alloh di rohmat

pikeun nu doraka ripuh     *     awak ngarasa di sipuh
ku panon poe nu tujuh      *     henteu aya keur yalu'uh

didinya ngadaragoan        *      nyaeta buku hisaban
mariksa amal amalan        *     ngarepkeun ka salametan

gusti Alloh marentahkeun  *     terus buku di aurkeun
diparilihan ku anjeun         *     padahal buku apaleun

bukuna datang sorangan   *     sabab apal ka dunungan
dibukakeun kusorangan    *     di tempo ka kaduhungan

karasanateh nalangsa        *     emut sakabehna dosa
hayng tobat geus teu bisa  *     iwal nandangan panyiksa

ari siksa di aherat             *     ripuh leuwih ti sakarat
moal aya anu kuwat         *     karasa sa urat urat

saterusna bakal nyorang   *    nyaeta mareuntas cukang
jurang nukacida lewuwang*    seukeut alah batan pedang

rupa rupa na tingkahna      *    kumaha eta amalna
aya anu ku sirahna            *    nu tara sujud tadina

aya anu kawas kilat          *    aya oge anu lumpat
nu beneur maca syahadat  *    nu tara ninggal keun solat

pikeun nutara ibadah         *    bakal lempang na kuwajah
nu sok palsu dina sumpah  *    ngara sieun jeung susah

aya oge nu ngorondang      *   dina meuntas eta jurang
nu teu beneur mayar hutang*   solatna sok blang blang

ari anu kawas kilat             *    pikeun nu tara maksyiat
rikat dina waktu solat         *    tiap waktu teu kaliwat

cukang nu kalintang panjang*   seukeut alah batan pedang
leutikna moal kabayang       *    kumaha amal di urang

biwir teu bisa nyarita          *      ngan panangan anu meta
suku dua sak sinyata          *      urang rek kumaha pta

harta banda teu manfa'at    *      anak teu mere syafa'at
jalma iman anu to'at           *      anu ku Alloh di rohmat

jalma linglung nareangan    *       hayang aya nu nulungan
kacida abreng abrengan    *       nyalahkeun diri sorangan
(wallohu'alam)



ELING2 DULUR KABEH

Éling-éling dulur kabéh
ibadah ulah campoléh
beurang peting ulah weléh
bisina kaburu paéh

Sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku Gusti
najan raja nyakrawati
teu bisa nyingkiran pati

Karasana keur sakarat
nyerina kaliwat-liwat
kana ibadah diliwat
tara ngalakukeun solat

Kaduhung liwat kalangkung
tara nyembah ka Yang Agung
sakarat nyeri kalangkung
jasadna teu beunang embung

pupujian kangjeung nabi

Gusti urang sadayana
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qurés nya bangsana

Ibuna Siti Aminah
ramana Sayid Abdullah
dibabarkeuna di Mekah
wengi Senén dinten Gajah

Rabi’ul Awal sasihna
tanggal kaduabelasna
April bulan Maséhina
tanggal kaduapuluhna

Ari bilangan tauna
lima ratus cariosna
tujuh puluh panambihna
sareng sahiji punjulna

Siti Aminah misaur
waktos babarna kacatur
ningal cahya mani ngempur
di bumina hurung mancur

Babar taya kokotoran
orok lir kénging nyepitan
soca lir kénging nyipatan
sarta harum seuseungitan

Keur opat taun yuswana
diberesihan manahna
Nabi dibeulah dadana
Malaikat nu meulahna

Jibril kadua réncangna
Mikail jenenganana
ngeusikeun kana manahna
élmu hikmat sapinuhna

Tuluy dada Kangjeng Nabi
gancang dirapetkeun deui
sarta teu ngaraos nyeri
dilap ku hotaman nabi

Nuju tanggal tujuh likur
bulan Rajab nu kacatur
nurut kaol anu mashur
Kangjeng Nabi téh disaur

Dipapag ku Malaikat
nyandak burok nu kasebat
leumpangna téh cara kilat
tungganganeun Nabi angkat

Ti Mekah ka Bétal Makdis
teu nganggo lami antawis
ku jalma henteu katawis
kersana Gusti nu wacis

Ti Bétal Makdis terasna
naék na tangga kancana
mi’raj téa kasebatna
ka langit Nabi sumpingna

Tujuh langit sadayana
jeung Arasy nu pangluhurna
disumpingan sadayana
katut surga narakana

Kangjeng Nabi ditimbalan
ku Gusti nu sifat Rahman
anjeuna kudu netepan
salat muji ka Pangéran

Kabéh jalma anu iman
sami pada kawajiban
salat nu lima giliran
henteu meunang dikurangan

Salat éta minangkana
dina agama tihangna
jalma nu luput salatna
nyata rubuh agamana.

nyiar elmu

dosa lamun teu di ajar         *    eta jalma pasti sasar
bakal leungit sipat sobar      *   sangsara di arah mahsar

nyiar elmu di wajibkeun       *   ku rosul di p[arentahkeun
anu bakal nyalametkeun       *   pek di ajarna sing leukeun

nyaeta elmu agama              *   nu di sebar keun ulama
pikeun sadayana jalama       *   nu hayng hirup utama

meungpeung aya kasempeutan* sina milarian jalan
milari ridlo pangeran            *   ulah ngan jadi alesan

abdi ukur ngawartosan        *   kasadaya insan insan
sabab ajal teh ngantosan      *   di dunya ukur ngasaan

gra milari elmuna                 *   anu aya manfa'atna
ulah ngan ukur capena         *   teu aya buruhan nana

ari elmu nu manfa'at             *   eta karaosna ni'mat
ku fada jalma di hurmat        *   kalayan jadi safa'at

sabab jalma sadayana          *   heunteu aya nu sampurna
seueur kakirangan nana        *   ngan tong liren milarina

ka hiji elmu taohid               *    siang apal tong ulad elid
ngarah teu kabawa palid      *    elmu pikihna sing mufid

ari taohid ka gusti                *    Alloh simpeun jero ati
yakina sieun ku gusti            *    ti hirup dugi kamati

ngarasa hirup di atur            *    snang sehat pakir udzur
ti hirup sampe di kubur        *    ku Alloh nu robbul ghopur

ulah luntur ka ibunan            *    ulah gedag ka anginan
ulah laas kahujanan             *    percaya kanu kagungan

sadayanage nu gusti             *    Alloh anu gaduh pasti
nu ngatur hirup jeung mati    *    tekad keun na jero ati

nu gaduh alam sadaya         *    mung gusti Alloh nu mulya
palawargi sing percaya       *    nu teu percaya bahaya

pangkat ukur puypulasan   *     harta ukur cocooan
mun teu dipake sukuruna   *     ke bakal jadi hisaban

loba duit pangkat luhur      *     lega sawah lega lembur
lamun teu dipake sukur      *     bakal jadi siksa kubur

loba harta luhur pangkat    *     boga imah tujuh tingkat
boga pamajikan opat         *    teu di bawa ka aherat

mun harta hayng barokah   *    tong lebar pake sidekah
mun aya gra ka mekah       *    moal beurat ke di barjah

nu mampuh teu daek zakat *    tara ngalakonan solat
kamekah teu daek angkat   *    komo puasa teu kuat

nu kitu pasti cilaka              *    sabab gusti Alloh murka
anu kitu teh doraka            *     jadi panghuni naraka

ari naraka teh tempat          *    siksa anu paling beurat
pikeun jalama nu ma'siat     *    anu teu kaburu tobat
(wallohu'alam)

bismillahirrohmanirrohyim

dikawitan kubismillah * sim abdi ngalap barokah
nyuhusun nadzom seja lillah * manfa'at dugi ka barjah

alhamdu sadaya fguji * kagungan Alloh nu hijii
jalma tong hanyang kapuji * mangka kudu daek ngaji

solawat kalayan salam * hatur kapanutan alam
numingfin agama islam * muhammad syayidul anam

teu hiulap ka sohabatna * anau to'at ka anjeuna
sareng ka kulawargana * nu di antos barokahna

wajib di alajar ngaji * ngan ulah hayang ka puji
lahir batin sing ngahiji * pan Alloh parantos janji

Alloh bakal maparinan * ka jalma anu ariman
kanabi nu ahir jaman * di aherat pasti aman

gera pek aji elmuna * pek taroskeun ka ahlina
tong isin dulur datangna * ke pasti aya hasilna