gusti Alloh tos ngadauh * dina qur'an tos di wuwuh
ari kiyamah pakewuh * sakabeh gunung raruntuh
ari kiyamah pakewuh * sakabeh gunung raruntuh
gunung gunung tlabrakan * caah laut kadaratan
hancur sakabeh hayawan * jalma taya kasadaran
tiayeuna bebekeulan * pikanyaah eta badan
saacan datng panggilan * tugas asup ka kuburan
didinya mahluk ngagelar * karumpul di ahrah masyar
rasa halabhab jeung lapar * cing jareurit cing galewar
iwal jalma anu to'at * anu kersa syukur ni'mat
nu turut kana amanat * ku gusti Alloh di rohmat
pikeun nu doraka ripuh * awak ngarasa di sipuh
ku panon poe nu tujuh * henteu aya keur yalu'uh
didinya ngadaragoan * nyaeta buku hisaban
mariksa amal amalan * ngarepkeun ka salametan
gusti Alloh marentahkeun * terus buku di aurkeun
diparilihan ku anjeun * padahal buku apaleun
bukuna datang sorangan * sabab apal ka dunungan
dibukakeun kusorangan * di tempo ka kaduhungan
karasanateh nalangsa * emut sakabehna dosa
hayng tobat geus teu bisa * iwal nandangan panyiksa
ari siksa di aherat * ripuh leuwih ti sakarat
moal aya anu kuwat * karasa sa urat urat
saterusna bakal nyorang * nyaeta mareuntas cukang
jurang nukacida lewuwang* seukeut alah batan pedang
rupa rupa na tingkahna * kumaha eta amalna
aya anu ku sirahna * nu tara sujud tadina
aya anu kawas kilat * aya oge anu lumpat
nu beneur maca syahadat * nu tara ninggal keun solat
pikeun nutara ibadah * bakal lempang na kuwajah
nu sok palsu dina sumpah * ngara sieun jeung susah
aya oge nu ngorondang * dina meuntas eta jurang
nu teu beneur mayar hutang* solatna sok blang blang
ari anu kawas kilat * pikeun nu tara maksyiat
rikat dina waktu solat * tiap waktu teu kaliwat
cukang nu kalintang panjang* seukeut alah batan pedang
leutikna moal kabayang * kumaha amal di urang
biwir teu bisa nyarita * ngan panangan anu meta
suku dua sak sinyata * urang rek kumaha pta
harta banda teu manfa'at * anak teu mere syafa'at
jalma iman anu to'at * anu ku Alloh di rohmat
jalma linglung nareangan * hayang aya nu nulungan
kacida abreng abrengan * nyalahkeun diri sorangan
(wallohu'alam)
Lumayan Lah Kata-Katanya ,
BalasHapusBikin Mikir Orang .
duh jadi emut keur di kobong euy.. :D
BalasHapus