tingkatan iman

ari tingkatan iman aya 6 tingkatan: (1)iman taklid (2)iman ilmu (3)ilmuyakin (4)iman hakul yakin (5)iman ainul yakin (6)iman hakikatul hakikat

1.ari anu di sebut iman taklid teh,nyaeta iman anu nuturkeun ka batur kalawan teu make dalil.
2.ari anu di sebut iman ilmu nyaeta iman kalawan make dalil/nyaho kana dalil
3.iman ilmu yakin nyaeta iman ka Alloh bari ngarasa di teuteupkeun ku Alloh.
4.anu di sebut iman hakul yakin nyaeta,iman ka Alloh neupi ka upama ningali mahluk,panon ati ingeut kanu ngadambeulna,tapi masih inget ka makhlukna.
5.anu di sebut iman'ainul yakin nyaeta,satiap tiap panon ninggal makhluk,manahna ingeut kanu ngadambeulna(Alloh) nepi ka teu inget ka makhluk.
6.anu di sebut iman hakikatul hakikat nyaeta imn ka Alloh(imana para nabi anu teu bisa ka ukur ku urang)

NADHOMNA TINGKATAN IMAN

iman teh geneup tingkatan
iman taklid kahijina
iman ilmu kaduana
ilmu yakin katiluna

hakul yakin ka opatna
ainal yakin kalimana
hakikatul hakikatna
eta anu ka geneupna

kahiji iman taklidna
nyaeta iman nurutna
kajalma anu sejena
iman henteu jeung dalilna

iman elmu kaduana
iman kalawan dalilna
pecaya Alloh ayana
lanataran aya dambeulna

ilmu yakin katiluna
yen Alloh pangeran nana
sarta rasa di teuteupna
Alloh anu ningalina

hakul yakin ka opatna
jatining yakin imana
panon ningali mahlukna
ka Alloh ingeut atina

bari inget ka mahlukna
henteu pegat jeung mahlukna
hubungan jeung manusana
teu aya gangguan nana

ainul yakin kalimana
iman ka Alloh sampurna
panon ningali mahlukna
ka Alloh inget atina

terus poho kamahlukna
pegat jeung pada mahlukna
geus taya hubungan nana
sabab kahalangan nana

rasa duaan jeung Alloh
mahluk ngileus teu ka rewah
ingetan wungkul ka Alloh
teu robah ku ewah ewah

hakikatul hakikatna
iman anu ka geneupna
imana para anbiya
teu nyahoeun balarea.

(wallohu'alam)




Tidak ada komentar:

Posting Komentar