Yaa robbi bil-Mustofa

Yaa robbi bil-Mustofa
balligh maqooshidanaa
Waghfirlanaa maamadho
yaa waasi'al karomi

nun gusti pangeran abdi
ku ka agungan kang jeung nabi
mugi gusti ngajadikeun
sugri anu disuhunkeun

sareng mugi ngahampura
gusti ka abdi sadaya
tina lampah anu salah
eh allah nu maha murah

ma sya allah matak kelar
di akherat kabeh gelar
tina pakuburan mencar
karumpul di alam mahsyar

ari ngaran mahsyar eta
palataran anu rata
panasna waktu harita
panon poe tujuh nyata

teu jauh tujuhanana
pirasatar antarana

ngarojol kabehanana
ka jalma goreng amalna

eling2 dulur kabeh
ibadah ulah sampoleh
beurang peuting ulah weuleh
bisina kaburu paeh

sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku gusti
mangka kudu ati2
kaibadah sing gumati

karasana keur sakarat
nyeurina kaliwat liwat
ka ibadah sok ngaliwat
tara ngalampahkeun solat

sanajan teu boga sarung
solat mah teu meunang embung
teu meunang sumput salindung
kana dawuhan yang agung

5 komentar:

  1. YAA ALLOH YA ROBANASS, NAJINA MIN SARINASS.
    BIL'WALI KUT'BIL ANPAS, AL HABIB UMAR BIN ABDIR'OHMAN AL ATOS...
    tah kang pang artiken abdi mendakan kata kitu sa engges nadon yaa robibil mustofa.

    BalasHapus
  2. om .,ada lagunya ga ??tapi yang versi bahasa sunda kaya teks gini ea ..

    kalo ada, tolong banget email ke oghee_injavaland@yahoo.com

    makasih banyak om

    BalasHapus
  3. Yaa robbi bil-Mustofa mau dong yg sundanya <=== tanya sana sini ga dapat2 ne :) bantuan dong

    BalasHapus
  4. Kang ada mp3 nya ngga ? Kalo ada mau dong . Kirim ke email boang166@gmail.com

    BalasHapus
  5. Punten akhi ijin save kangge ngamalkeun haturnuhun

    BalasHapus