SINOM


452
Mugi eta sadayana
Sepuh anom nu kauni
Geura jajah salirana
Pilari nu nyumput buni
Ulah ngan sakadar muni
Nu disembah bangsa wisnu
Mun kitu salah sembahna
Nyaah teuing ku jasmani
Tangtos pisan moal dugi ka asalna

453
Da menggahing gusti Allah
Teu nyempad teu milih-milih
Sanajan lakuna salah
Dianteur tara ditolih
Ngan ku urang kudu pilih
Ulah tungtung matak ngangluh
Mun urang jalanna salah
Tangtos moal tiasa mulih
Sabab urang teu panggih jeung datna Allah

454
Pan aya basa carita
Lamun ka jalma nu mati
Lumbrah jalma cacarita
Pokna teh mulih ka jati
Pedah dugi ka pasti
Tapi saenyana tangtu
Ngan ukur dina carita
Atina jongjon teu ngarti
Na kumaha mun jatina acan nyata

455
Geus lumrah karana aman
Nyambung dunga bari hamin
Muga ditarima iman
Nurutan nu geus muslimin
Bari elmuna muslimin
Ukur dicipta ku lamun
Jauh terang kana iman
Henteu cara para mu’min
Nyebutna teh geus terang jatining iman

456
Kapan jalma aya asal
Tapi najan teu dimisil
Mun palay mulih ka asal
Mangga tungtik tangtu hasil
Tangtos hasil mun disisil
Ilmuna masing kasusul
Sanajan miara bangsal
Lamun dihantem disisil
Geuning sidik rasana teu jadi kosal

457
Tah kitu jalan upama
Nu jadi jalan utami
Milari ilmu agama
Da urang teh moal lami
Tangtu misah jeung sasami
Geus pisah jadi kamumu
Lantaran teu tumarima
Ngan tarima jadi jalmi
Marukanan teu aya jatining jalma

458
Mangga manahan ku sepah
Manahan masingna rapih
Mun salah tong dipilampah
Minangka jadi panyapih
Lamun leres mangga ampih
Susul pigeusaneun sepuh
Sepuh dina laku lampah
Malar bisa repeh rapih
Da jalma teh ibarat jadi palapah

459
Mun palapahna geus misah
Tangkalna henteu miasih
Nu mawi ilmu kedah sah
Ulah sok pasalisih
Ka jalmi kedah miasih
Ulah arek nyieun musuh
Bisi pinanggih jeung susah
Tegesna kedah beresih
Masing sieun ku Allah da teu papisah

460
Kumaha atuh jalanna
Supados pendak nu buni
Tapi di urang ayana
Teu katinggal ku jasmani
Da puguh barang rohani
Geuning ceuk dalil wujud Nur
Mun teu dirakrak wujudna
Nya wujud ieu jasmani
Hamo bisa papanggih reujeung eusina

461
Nu mawi wajib teangan
Malar ati bisa dingin
Tangtu jadi kasenangan
Sing panggih jatining angin
Geura manah angin-angin
Mun kapanggih moal ngungun
Kana tahyul teu ngiringan
Sab terang jatining angin
Geus terang mah pakeun urang sorangan



ASMARANDANA

462
Nu mawi wajib disungsi
Margi urang teu kawasa
Kedah ngalakukeun hese
Sartana kedah rumasa
Rumasa taya kabisa
Kabisa ngan nganteur napsu
Teu eling kanu kawasa

463
Mugi-mugi sing areling
Ulah asih kumapalang
Ulah seueur nu dipelong
Sapedah aya kamelang
Bilih urang jadi belang
Tungtungna sok matak linglung
Teu terang kanu gumilang

464
Nu gumilang dina diri
Ayana henteu katara
Nu mawi henteu kawaro
Upami nu ngaji sara
Moal weleh nyandang lara
Upama henteu guguru
Guguru ngakat salira

465
Tapi lamun rek milari
Milari eusi salira
Ngarah urang ngeunah sare
Badan ibarat panjara
Dikunci henteu katara
Tah eta ulah kaliru
Pilari kunci salira

466
Lamun konci geus katukil
Tangtos kaharti ku akal
Sagala oge kacokel
Bekel sinarengan bakal
Mo aya manah basangkal
Sanajan aya nu mukul
Ditampa sabar tawekal

467
Males ku kalimah kalih
Sahadat anu katelah
Saratna karana saleh
Tah pilari ulah salah
Nyatana dat gusti Allah
Da henteu mangpuluh-puluh
Estu hiji moal salah

468
Tapi lamun geus kapanggih
Poma ulah rek gumagah
Baragagah-baragegeh
Kajeun kolot dipiconggah
Carios teu diagah
Rasa aing nu geus puguh
Tah eta kedah dicegah

469
Batal ceuk basana santri
Teu terus jadina setra
Malahan jadi celetre
Sanajan bungkusna sutra
Lamun laku henteu setra
Tungtungna sok loba satru
Dipingewa palamitra

470
Ku urang kedah diaji
Ulah ngan saukur beja
Kudu karana katenjo
Dina ati masing ngoja
Jeung kudu sidik ka raja
Da wujud mah ngan jadi baju
Bungkus ngahalangan raja

471
Ari nu kedah diuji
Ngabuktikeun omong beja
Sanes ngaji jilid hejo
Eta mah anu bebeja
Tuduh jalan nu diseja
Sangkan ku urang dipaju
Supaya jadi raharja


SA’IR

Neda maap kasadaya wargi
Ka pameget rawuh istri
Ieu suluk dijieun sair
Sugan kasasar ku pikir

Carita kitab anu ditukil
Nyokot misil nu jadi hasil
Ieu jaman parantos ahir
Bakal maot kudu dipikir

Ulah atoh ku loba duit
Lain diut pati hurip
Raoskeun mun datang sakit
Sakumaha lobana duit

Ari diri saperti kembang
Di dunya pikir kumambang
Malati di pingging lombang
Geus ligar murag ka lombang

Poe ieu bisa leumpang
Poe isuk can kawangwang
Poe ieu urang senang
Isukan mah biheung mulang

Kembang malati rupana putih
Sedep seungit sajeroning ati
Sok bimbang mikiran diri
Kumaha isuk nepi ka janji

Nu kasebat enggeus yakin
Rasa dua ngangin-ngangin
Ngangin rasa sajati
Karaos hirup jeung mati

Gusti allah wajib ayana
Euweuh dina ayana
Geura tareangan dat na
Engke harti sadayana

Dua puluh sipatna pangeran
Datna kudu teangan
Sangkan ulah kabingungan
Kakat di diri sorangan

Wali turutaneun urang
Ulah salah tekad urang
Ulah ngagugu nu ngalarang
Eta teh omongan baruwang

Ulah iman ka barang ruksak
Qur’anul adim sing kapendak
Ulah eureun memeh mendak
Ulah kawas ngaji budak

Ulah katungkul ku dunya
Teangan elmu sampurna
Napsu mah taya putusna
Karasa dina pupusna

Kapir lain walanda cina
Kapir teh nu jahat atina
Nu ngumbar bae napsuna
Kanu goreng taya pegatna

Jalan jahat mah babari
Jalan hade rasana nyeri
Elmu teh kudu pilari
Nuduhkeun jalan lastari

Sing isin ku nu kawasa
Nu bareng henteu papisah
Eta nu murba kawasa
Terang ka sagala dosa

Malikan malati tadi
Resep kanu beresih ati
Amis budi carita ilmi
Matak narik manah resmi

Mudu madi cai nu suci
Lain cai ngala ti kali
Cai suci di jero ati
Cai suci matak beresih

Teangan di badan urang
Aya cai bening nya herang
Mudu nanjak gunung larang
Kunci larang alam padang

Meungpeung hirup kudu guguru
Sangkan salamet di ditu
Laku lampah kudu jeung ilmu
Lahir batin gampang katimu

Teangan kubur nu tangtu
Lain kubur tutup batu
Kubur hirup di jero kalbu
Nya eta sipatna elmu

Poek ati poek bulan
Poek bulan poek iman
Lain caang caang bulan
Caang soteh caang iman

Paribasa tetepkeun iman
Tetepna dimana kutan
Nyaho ge iman teu acan
Da lain caangna bulan

Ngaji teh ulah ngajibris
Mun ngaji mudu ngajinis
Ngaji badan masing tapis
Ma’na quran lapis-lapis

Bisa ngaji ulah kumaki
Mun tacan isbat jeung napi
Dalil qur’an tuduh harti
Jauh keneh kana katepi

Euweuh deui sipat hirup
Anging dat Allah nu cukup
Masing ngarti urang hirup
Mun harti ngelmuna cukup

Ulah hirup nya hirup urang
Nuduh Allah di Awang-awang
Nu kitu jalma badawang
Kahakananana bugang

Allah ningali ka urang
Urang ningal hirup urang
Panon teh pipinding terang
Manahan ku ahli ngarang

Sembahiyang kudu husu
Mudu tutup sakabeh napsu
Napsu opat ulah metu
Lain solat nangtung kitu

Allohu akbar kudu ta’jim
Mudu sidik ka alam batin
Lain beurang lain peuting
Lalangse beureum jeung kuning

Geus euweuh wujud kaula
Didinya naon nu aya
Lain akbar kapala mata
Akbar anu sajatina

Kaula geus henteu aya
Ganti, Pangeran nu aya
Nyebut aya teu ngarasa
Manahan ku ahli rasa

Sair waca senangna pikir
Mun lepat mangga dipungkir
Wantu wantu kecap sair
Sabijilna tina pikir

Ieu sair urang ditutup
Geus wengi urang arasup
Seungit malati geus kaambu
Kulambu geura pek ringkup

Tidak ada komentar:

Posting Komentar