SALAKI KUDU SURTI SARTA ASAK JEUJEUHAN.

simkuring kungsi ngabandungan kajadian anu kaalaman kuhiji istri di rumah tangga.
teu pira murang kalihnateh kakarak tilu,kaopat nu keur dikandung. kasampak manehna keur ngagesruk nyeuseuh,ma'lum teu boga badega padahal keur bubureuyeungan pibulaneun rek ngalahirkeun. mimiti haung budak nu cikal ngangklaung ceurik,pasea jeung babaturanana, ku manehna gancang di buru di upahan,seuseuheunmah di tinggalkeun. acan repeh anu cikal geus koceak deui anu panengah leweh, sukuna abor-aboran getih (kakadek peso) atuh bereubeut manehna lumpat ka tatangga menta obat merah,untung aya. sabot ngubaran eta budak,didapur kadenge ngagebrona parabot bahe kuhayam,atuh deregdeug deui manehna lumpat bari gorosingsat muru ka dapur,parabot ancur beling paburantak, haym gugurubugan di dapur ma'lum heurin. langseung anu keur nagog dina kompor congeat gebrug deuih tamplok, atuh sanguna awur-awuran,jaba cai ngebul ngabayabah nyered kana beling anu sareukeut. waktu manehna nyapukeun blingnanu pangleutikna hudang bari ceurik katambah jibrug ku cikiih,waktu turun tina ranjang tikosewad,atuh gdebut budak teh labuh,dengek deui leweh,nepi ka leusleusan.
bisa kagambarkeun ku hate;
budak tilu ceurik bareung,berjama'ah patarik-tarik.
__nucikal leungeuna kentob di gegel babaturan nana
__nupaneungah sukuna dewang kakadek peso
__nu bungsu tarangna jontowor ti beubeut kana bata

sedeungkeun seuseuheun can anggeus,sasapu can beres,bling can di piceun,beas can dibayar,sayuran can aya,duit ledis,waktu kaburu beurang,bapana kaburu datang,ingis gancang nyangang! acan tugas kasorenakeun,nyakudu ngamandian budak,kudu mepende lamun sare budak,kaasup merende bapana.
subhanalloh! tega temen lalaki anu teu boga rasrasan,teulengeus ka pamajikan.
numawi dina khutbah nikah, tugas lalaki pikeun ngajaga kaharmonisan rumah tanggateh sederhana saeuyanamah. nyaeta kudu satia ramah tamah,sopan santun, surti kana peurasaan pamajikan,jujur,cekatan,bisa campur gaul,bisa ngahibur sanajan teu jegud oge pasti bakal pinanggih jeung kabagjaan rumah tangga. insya Alloh.

nyakitu deui si istri teu kudu aral subaha pedah numpuk pagawean,anggurge syukuran;nuhun gusti abdi parantos gaduh padambeulan sakieu seueurna, gning abdimah teu kedah cara batur milari pacabakan teh bari dugak-sogoksagala, kanggo abdimah padambeulan di rorompok oge parantos ceukap,malah teu acan sadaya ka garap"
mugia manfa'at kanggo urang balarea. amiiiin.(kususna ka pamegut anu tos rumah tanggi)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar