wajib diajar Al Qur'an

  • hey dulur anu ariman
    umat nabi ahir jaman
    sing apal kana pedoman
    aturan ti maharohman
     
  • Alloh maparin aturan
    sadayana dina qur'an
    prak tiayeuna pikiran
    naon eusina al Qur'an
     
  • pek diajar ti ayeuna
    sing leres dina macana
    diajar elmu tajwidna
    sing apal waqof wasolna
     
  • sing bener maca al Qur'an
    sabab pidauh pangeran
    pek pake adab-adaban
    mun hayng meunang ganjaran
     
  • lamun teu daek di ajar
    ilmu Qur'an teu di gowar
    pasti macanage sasar
    ku Alloh moal di ganjar
     
  • komo lamun di salah keun
    Qur'an di lalaworakeun
    palingge di sadiakeun
    siksa nupikapaureun
     
  • sabab Qur'an teh amanat
    ti Alloh nu sifat rohmat
    ku urang wajib di hurmat
    teu ngahormat teh di la'nat
     
  • Qur'an pidauh ti Alloh
    turuna ka rosululloh
    kaputra sayid abdulloh
    muhammadurosululloh
     
  • Qur'an pituduh ti gusti
    Alloh anu gaduh pasti
    mangkade kudu taliti
    pek eusikeun dina ati
     
  • sabab Qur'an teh fadoman
    pikeun jalma anu iman
    umat nabi ahir jaman
    nungagugu pasti aman
     
  • tafakuran dina ayat
    didinya seueur riwayat
    tuduh bener tong ma'syiat
    pibekeleun ka aherat
     
  • ulah di anggap lumayan
    Qur'an ngan jadi hiasan
    diajar jeung babaturan
    mun hayng meunang ganjaran
     
  • nungaku agama islam
    hayu diajar sing faham
    paksakeun najan hoream
    sugan di pasihan ilham
     
  • lamun teu daek di ajar
    eta jalama pasti sasar
    moal apal tho'at sobar
    bakal kaduhung di mahsar
     
  • ari mahsar pang balikan
    urang bakal ngarandapan
    disebat alam hisaban
    dipariksa pagawean
     
  • pikeun anu boga dosa
    tara solat jeung puasa
    kaduhung bari nalangsa
    kusabab sieun di siksa
     
  • bari ngarasa kaduhung
    henteu nyembah kanu agung
    bongan keur hirup adigung
    titah ibadahteh embung
     
  • hayng kabur moal bisa
    disaksi kunu kawasa
    disiksa ku sabab dosa
    sakabeh badan karasa
     
  • najan nyeri gegerungan
    moal aya nunulungan
    kusabab etmah bongan
    teu nurut kanu kagungan
     
  • teuboga diri simkuring
    nungatur beurang jeung peuting
    dunya sakuriling bungking
    nugaduhna Alloh ana king

    ( wallohu'alam )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar