CARA NENAGAN REZEQI

wasiat para karuhun urang kapungkur;
TEANGAN REJEKI BARI TEU NGARUGIKEUN ANU SEJEN.
lamun dlur2 ninggal cariosan anu di sebatkeun karuhun carana nenagan rezeki piraku teu kataji,sabab setiap jelema anu otakna sehat jeung waras,pasti butuheun ku rejeki.
ngan bae ulah boga anggapan yen simkuring boga cupu manik atawa lampu aladin anu sakiceup bisa nyiptakeun gedong singgrong,sakiceup bisa nyiptakeun leuweung jadi kota. oge simkueing lain hiji dukun kampiun anu sok ngampar di emper toko,mere pituah carna hayng beunghar,bari manehna sorangan malarat,atawa hiji dukun japilus anu sok ngamistik kodeu buntut naudzubillah,,.

tapi iyeumah itung2 hiji mandor anu ngajak marak ka anak buahna di walungan,ripuhnamah walatra,tapi hasilnamah beda2. aya nu meunang mujaer,lele,bogo,makah aya oge anu mucekil meunang lauk emas endogan,di sagigireun anu nihil sama sakali teu meunang cecere cecere acan. nupuguhmah tarng buncunur kana batu,sukuna kacugak baloboran getih,ditambah pipina jantowor di cabok batur sabab ngarontok hak anu lian.
dauh anu agung dina Al Qur'an surah Al mulk ayat 15 anu hartosna wallohu'alam: "anjeuna anu mangdabelkeun iyeu bumi keur maraneh bari gampang di gunakeun(jadi lapngan usaha neangan kasab).
kusabab kitu prung maraneh ngalalana si iyeu dunya sarta sarta prak gera dalahar sejeki anu geus nyampak di dunya, sarta nya kadinya balik geusan pamulangan"

janten dina milari rejeki anu halal,teu aya kamus pagawean hina,sok sanjan jadi tukang nyeblok lotoran di WC,asal ulah nyopet,nipu,ngarampog jeung nganiaya,TEANGAN REJEKI ANU HALAL BARI TEU NGARUGIKEUN BATUR.

TAPI CING EMUT AYA PANYAKIN ANU MATAK NGAJAUHKEUN REJEKI SALIAN PANYAKIT PANGEDULAN,SARTA TEU BISA DI GAWETAH,AYA DEUI SOBAT PANYAKIT ANU NGAJAUHKEUN REJEKI TEH NYAETA PANYAKIT TEU PAYAAN??
PANYAKIT JAUR REJEKI.
salian paanyakit PANGEDULAN sarta teu bisa DIGAWE teh aya deui sobat panyakit anu ngajauhkeun rejeki teh nyaeta panyakit teu PAYAAN. gening sok aya cacandaran kolot baheula; "jalma belik berewitmah sok jauh rejeki" iyeu memang bisa dirasakeun sarta kabandungan,jalma anu gindi pikir belang bayah,goreng pucus teu kaopan,digetrik saeutik ngajangileuk pundung jiga bolon, sanajan bari salah teunarima kana tegoran jeung nasehat anus sejen. tapi dimana batur meunag rejeki pudungheul hatena ngabagegeul,datang panyakit "sirik pidik" alias iri hati. jeulas laku kituteh matak jauh rejeki,ku Alloh di pikaceuceub ku jelema di pika sebeul.
sabab sirik pidik panyakit anu pang goreng2na sadunya,panyakit iyeu pisan anu jadi bibit buit sumarambahna FITNAH sedngkeun fitnah leuwih bahaya tibatan maehan.

__teu saeutik jeulema anu pasea rongkah silih bacok,silih intip pasti begalan nyawa dilantarakeun fitna,anu kasang tukangna SIRIK PIDIK.

__teu saeutik jelema di kerem,di obag,di siksa malah nepi ka perlaya,ngemasi pati sabab di fitnah anu kasang tukangna SIRIK PIDIK.

__teu saeutik jelema anu tunggara jadi balangsak,di peucat ti pagawean nana,di hukum ku masarakat yen si eta bangsat,akibat fitnah,anu kasang tukangna singhoreng SIRIK PIDIK keneh bae.
padahal pami di emutan di bulak balik,naon manfa'atna jeung untungna tina sirik pidik?.

GERA URANG LENYEPAN.
__pedah tatangga ngomean imah pedengheul hate ngabagegel,timbul rasa dongkol,timana sieta meunang duitna,boa-boa meunang maling. biur kaditu biur kadieu nenagan beja,bari kucuwas kecewis nyebarkeun fitna ari hasilna kuamha? nu puguhmah ,waktos seep,musuh namabhan ,ejeki ngajauhan,imah batur tambah ngajengleng urang kabagean pusingna,ngeuneus mikiran imah tatangga.
naudzubillah! naon manfa'atna?

__lat tatangga tumpak motor,hayoh ngadon medengheul hate,majar teh boa2 sieta korufsi. padahal meunang jerih payah dug hulu pet nyawa. hasilna kumaha?jeung tatangga tambah anggang,motor batur anggeur ngadurutdut,urang kabagean beugangna,teu puguh2 geura sok emutan??
tapi lamun kauntungan batur teh hasil tina ngarugikeun urang,etmah beda deui masalahna; hukumna wajib nahi mungkar.
umat ISALAM lain di titah ngajanteng di sisi jalan bari nemprang suku batur anu ngaliwat, sabab hasilna,batur teu kaur laju,urang ngajengjeun teu daek maju. tapi umat islam di parentah ku Alloh:FASTABIQUL KHAEROT balap dina kaalusan,balap dina kahadean,balap dina karya nyata.TAPI ANU JADI PATOKAN.
__OMAT,nenagna kauntungan keur psribadi teh,ulah bari ngarugikeun anu lian(kade urang hayang naek bari nejeh anu lian)

__piceun sipat "silih tekuk teh jeung saha deui kajaba jeung batur sorangan" lamun urang nempo dulur maju,piraku teu bungah,tapi naha ari urang nempo dulur sasama muslim maju beut kalah SIRIK FIDIK?
COBA EMUTKEUN PADAHAL ETATEH DULUR KENEH.

DAWUH ROSUL:
"singsaha anu nyumponan pangabutuh dulurna, Alloh bakal nyumponan pangabutuh eta jalma,jeung siang saha anu nulung kana kasusah dulurna, Alloh pasti nulung tina ka susah eta jalma engke di yaumil qiyamah"

jadi tetela yen SIRIK FIDIK teh hiji kakaliruan jeung hiji panyakit anu kudu gancang-gancang sipiceunm(di kukut oge moal matak untung)
mudah mudahan urang sadaya sing parek rejeki,tur jauh balai.
sakumaha dauh Alloh dina Al Qur'an dina surat HUD.6 anu pihartoseunana wallohu'alam: sakur jalmi anu kumarayap di iyeu bumi,rizqina geus di tangtukeun ku Alloh,asal daek ikhtiar jeung rajin.
WALLOHU'ALAM.

ma'na basmallah

Alloh ngalungsurkeun kitab ka dunya ti wit Nabi Adam as dugi ka Jungjunan alam kangjeng Nabi Muhammad saw sadayana aya 104, nu di lungsurkeunna secara bertahap. 100 kitab ku Alloh, maknana disimpen dina kitab Zabur nu dilungsurkeun ka Nabi Daud as, dina kitab Taurot nu dilungsurkeun ka Nabi Musa as sareng dina kitab Injil nu dilungsurkeun ka Nabi Isa as.
Rahasiah jeung makna 3 kitab eta ku Alloh di simpen dina 112 surat nu aya dina Al – Qur,an tanpa Al Fatihah jeung Al Baqoroh. Anu 112 surat eta makna jeung rahasiahna ku Alloh disimpen dina surat Al Baqoroh. Teras makna jeung rahasiah surat Al Baqoroh terkandung dina Surat Al Fatihah tanpa kalimat bismillaahirrohmaanirrohiim tanpa huruf Ba. Makna jeung rahasiah bismillaahirrohmaanirrohiim tanpa huruf Ba eta terkandung dina huruf Ba.
Huruf Ba eta ngandung harti : “Bikana makana wabiyakunu mayakunu”, nu hartina “ku Aing geus aya sakabeh perkara anu geus aya, jeung ku Aing bakal aya sakabeh perkara nu bakal aya’, sakabeh ciptaan Alloh, ku Alloh diringkes didinya. Numawi sok aya anu tawasul ku Ba, diantawisna Muhammad bin Abdil Karim Assamani murid Syekh Abdul Qodir Jaelani nu ngagaduhan tarekat Assamaniah.
Ba napel dina sakabeh makhluk jeung ciptaan Alloh. Numawi disagala rupa perkara nu sae nu dilakukeun ku urang disunahkeun ngaos bismillah. Maksadna tina eta pasunahan nyaeta :
  1. mengakui kana qudrot jeung irodatna Alloh
Urang bisa nanaon anging ku kersana Alloh, sagala rupa oge ulah boga rasa meunang urang.
Bismillah asal kalimat tina Bi Ismillah ( kalayan jenengan Alloh ), malah makom ahli tauhid mah ngahartosanna kalayan Dzat nu dijenenganan Alloh.
  1. Pengakuan urang bahwa sakabeh perkara eta kabeh katapelan jenengan Alloh.
  2. Ngalap berkah ( tabaruk ), mengandung sakabeh kitab Alloh, jeung sagala rupa perkara ciptaan Alloh, maka teu aya deui anu leuwih pantes dialap barokahna salian ti bismillah.

USAHAKEUN KULAWARGA ULAH JADI JUMLAH PANAMBAH ANU DORAKA?

lamun urang kiwari nadangan rupa2 cocoba jeung gogoda anu maksa nyered kana naraka,keun heula ulah waka hayang singkil kaluar,iyeu bae heula,jaga diri jeung rumah tangga sorangan. kacida untungna lamun lalaki anu nyekeul kakawasaan di rumah tangga geus bisa ngajaga diri jeung kulawargana,tegesna henteu nambah jumlah kama'siatan anu sumembar di luar.
samemeh ngamparkeun kasur,samak heula ameh rineh,kirang bara bisa narik batur riksa heula kulawarga maneh.
dawuh rosul "ibda' binafsika"mimitian tidiri anjeun sorangan. sabab dimana rek bisana ngatur batur,lamun ngajaga ngabina anak pamajikan geus teu daya teu upaya.
memang aya tilu rupa sikep lalaki ka awewe teh:
1.attaubikh,hartina ngahina
2.attakrim,hartina muja
3.attaswiyah, hartina nyamaratakeun jeung pria.
ajaran islam teu wawuh jeung sikep lalaki anu kitu,hartina islam:
__henteu meuneng ngahina wanita sabab wanita lain runtah.
__islam henteu meunang muja wanita,sabab wanita lain dewi ti kahiyangan.
__islam henteu meunang nyamratakeun wanita seperti lalaki,sabab lain banci.
tapi lalaki kudu nempatkeun wanita tehdina tempatna nurutkeun ajaran islam.
sabab wanita nagbogaan tilu pungsi
1. miara ngajaga rumah-tangga sarta ngatik ngadidik nujadi anak.
2.batur hirupna lalaki dina ngojayan sagaraning rumah tangga.
3.batur satia kaum peria dina berjuang,lir ibarat jang jang kenca lamun dina manuk.
berjuang moal bisa hasil tanpa wanita,seperti manuk moal bisa hiber tanpa jang jang kenca.
kusabab eta rosul ngadauh:
omat maraneh kudu hade kapamajikan,lantaran maranehnateh mantuan maraneh,sayaktina awewe teh beubeulahan lalaki (batur geusan pakumaha)
janten ringkesna,salaki kudu nempatkeun diri sebagai kepala rumah tangga,istri sebagai pemimpin rumah tangga. ulah salaki sibuk badminton,putsal,catur. dll. salaki turni pamajikan usaha, anu antukna moal pada uninga hargana wanita teh,sareng moal uninga wanita kanu jadi peran salaki. wallohu'alam.

wejangan kanggo panganten.

Bismillah
Alhamdulillah

Patepang di salaka maya
dilajengkeun di buana nyata
dua teuteup
ngagedurkeun geter-geter asih
janten pasini jangji:
seja laki rabi
kiwari
cunduk di waktu
ninggang di mangsa
nitih wanci nu mustari
ayi (Nami Panganten Pameugeut) sareng néng (Nami Panganten Istri)  didahupkeun
di balé nyungcung

Ayi (Nami Panganten Pameugeut) ,
Sabada ijab kabul diucap
nami (Nami Panganten Istri) anu satadina dibintian ku nami ramana
baris robih dituntungan ku nami ayi (Nami Panganten Pameugeut)
hartosna
ti danget ijab kabul
tanggel waler dunya akherat
ngeunaan neng (Nami Panganten Istri)
di pasrahkeun ti ramana
ka diri : salira
(hajat nikah mémang kariaan tapi makna nikah nungtut pertanggel waleran)

Tanggel waler salaki ka anu janten garwana, anu kedah ogé dicontoan ku jisim inyana:

kahiji ngeunaan aqidah

inti aqidah nyaéta kalimah toyyibah
Laa ilaaha ilalloh
mangkadé
dina ngalaksanakeun kahirupan anjeun duaan
kakeclakan akidah anu teu diguratkeun ku kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Aqidah sing panceg Istiqomah
margi
maot mah saha nu terang
kacida rugelna diri upami isuk jaganing géto
mangsa mulang ka mantenNa
urang teu pinareng
husnul khotimah

kadua ibadah

mamaos mémang raos kadanguna
galindeng cianjuran ngahudang rasa
tapi moal aya deui anu leuwih raos tur ngahudang rasa
iwal ti soanten ayi (Nami Panganten Pameugeut)آ  sareng neng (Nami Panganten Istri)
rampak ngagalindengkeun
ayat-ayat suci Al Qurân

upami di bumi kagungan permadani anu éndah
moal aya deui anu leuwih éndah
tibatan dua lambar sajadah
anu dianggé solat jamaah

kacida nikmat sareng hidmatna
mangsa ayi (Nami Panganten Pameugeut) ngucapkeun kecap
Waladhdholliin
dina tungtung fatihah
ditémpas ku kecap
Amiiin
tina lambey néng (Nami Panganten Istri)

pon kitu kanikmatan sareng kahidmatan
bakal sumebar tina kecap Amin néng (Nami Panganten Istri)
dina  du'a demi du'a
nu dilafadzkeun ku ayi (Nami Panganten Pameugeut)

Katilu akhlaq

Laki rabi téh teu bénten sareng salambar rambut
anu masing-masing tungtungna dicepengan ku duaan
Ayi (Nami Panganten Pameugeut)آ  di tungtung ditu Néng (Nami Panganten Istri) ditungtung dieu
kedah silih ayunkeun
kedah silih béréan
upami silih betot
tinangtu rambut
bakalan pegat

Akhlaq salaki ka nu janten istri
Akhlaq istri ka nu janten salaki
baris nangtoskeun
hirup kumbuhna
hiji pernikahan

sok sanaos tos laki rabi
mangkadé
akhlaq ka ibu rama
indung nu ngakandung
bapa anu ngayuga

kumelendangna urang di alam dunya
aranjeunna lantaranana

salapan sasih lamina urang aya dina kakandungan anu jadi indung
anjeuna teu tolih nyerina ngababarkeun
méh dua taun cai pinareupna diseuseup ku urang

kanyaah sareng kaihklasan
anu teu kénging dimomorékeun
kapan saur hadits ogé:
sawarga téh ayana dina dampal sampéan anu jadi indung

Upami urang ayeuna tiasa makalangan
eta téh hasil lamokot késangna tuang rama
dibarung ku du'a demi du'a anu teu kendat reureuh
tuang rama tisusut tidungdung
ngagedékeun anjeun para putrana
sangkan hirup hurip bagja waluya

Laki rabi ogé kedah tiasa ngaraketkeun tali silaturahmi
diantara dua kulawargi
kulawargi ayi (Nami Panganten Pameugeut) ti Ciamis sareng kulawargi néng (Nami Panganten Istri) ti Kuningan
Ayi (Nami Panganten Pameugeut) sareng Néng (Nami Panganten Istri)
sing janten cukang lantaran
ngantengkeun ieu tatali silaturahmi
sangkan syiar kasundaan sareng syiar kaislaman
tiasa langkung lega ambahan
nyambuang saalam dunya

Hirup di dunya henteu nyorangan
mangkadé akhlak hirup kumbuh kamasyarakatan
sing tiasa naritipkeun diri
sing tiasa pindah cai pindah tampian

Kaopat, cita-cita

Hirup kumbuh laki rabi
ulah ngan saukur diniatan dugi ka pakétrok iteuk
tapi kedah dicita-citakeun langkung tebih, nyaéta
tiasa riung mungpulungna anak incu kulawarga
di sawarga

ku kituna prinsip
jaga diri jeung kulawarga aranjeun tina sueneu naraka
kedah janten suluk anu janten cita-cita kulawarga

upami isuk jaganing géto kagungan putra
sangkan janten waladun sholihan
mangkadé
didik ku kaislaman sareng kasundaan

Ayi (Nami Panganten Pameugeut) miwah néng (Nami Panganten Istri)
dinten ieu,
(kaping bulan taun)
sabuana samarcapada
nyakséni aya dua pamayang papasangan
anu badé ngambah sagara ciptaan Pangéran

bébér layar tarik jangkar

baarokallohu laka
wa baroka alaika
wajama bainakuma
fii khoir