CARA NENAGAN REZEQI

wasiat para karuhun urang kapungkur;
TEANGAN REJEKI BARI TEU NGARUGIKEUN ANU SEJEN.
lamun dlur2 ninggal cariosan anu di sebatkeun karuhun carana nenagan rezeki piraku teu kataji,sabab setiap jelema anu otakna sehat jeung waras,pasti butuheun ku rejeki.
ngan bae ulah boga anggapan yen simkuring boga cupu manik atawa lampu aladin anu sakiceup bisa nyiptakeun gedong singgrong,sakiceup bisa nyiptakeun leuweung jadi kota. oge simkueing lain hiji dukun kampiun anu sok ngampar di emper toko,mere pituah carna hayng beunghar,bari manehna sorangan malarat,atawa hiji dukun japilus anu sok ngamistik kodeu buntut naudzubillah,,.

tapi iyeumah itung2 hiji mandor anu ngajak marak ka anak buahna di walungan,ripuhnamah walatra,tapi hasilnamah beda2. aya nu meunang mujaer,lele,bogo,makah aya oge anu mucekil meunang lauk emas endogan,di sagigireun anu nihil sama sakali teu meunang cecere cecere acan. nupuguhmah tarng buncunur kana batu,sukuna kacugak baloboran getih,ditambah pipina jantowor di cabok batur sabab ngarontok hak anu lian.
dauh anu agung dina Al Qur'an surah Al mulk ayat 15 anu hartosna wallohu'alam: "anjeuna anu mangdabelkeun iyeu bumi keur maraneh bari gampang di gunakeun(jadi lapngan usaha neangan kasab).
kusabab kitu prung maraneh ngalalana si iyeu dunya sarta sarta prak gera dalahar sejeki anu geus nyampak di dunya, sarta nya kadinya balik geusan pamulangan"

janten dina milari rejeki anu halal,teu aya kamus pagawean hina,sok sanjan jadi tukang nyeblok lotoran di WC,asal ulah nyopet,nipu,ngarampog jeung nganiaya,TEANGAN REJEKI ANU HALAL BARI TEU NGARUGIKEUN BATUR.

TAPI CING EMUT AYA PANYAKIN ANU MATAK NGAJAUHKEUN REJEKI SALIAN PANYAKIT PANGEDULAN,SARTA TEU BISA DI GAWETAH,AYA DEUI SOBAT PANYAKIT ANU NGAJAUHKEUN REJEKI TEH NYAETA PANYAKIT TEU PAYAAN??
PANYAKIT JAUR REJEKI.
salian paanyakit PANGEDULAN sarta teu bisa DIGAWE teh aya deui sobat panyakit anu ngajauhkeun rejeki teh nyaeta panyakit teu PAYAAN. gening sok aya cacandaran kolot baheula; "jalma belik berewitmah sok jauh rejeki" iyeu memang bisa dirasakeun sarta kabandungan,jalma anu gindi pikir belang bayah,goreng pucus teu kaopan,digetrik saeutik ngajangileuk pundung jiga bolon, sanajan bari salah teunarima kana tegoran jeung nasehat anus sejen. tapi dimana batur meunag rejeki pudungheul hatena ngabagegeul,datang panyakit "sirik pidik" alias iri hati. jeulas laku kituteh matak jauh rejeki,ku Alloh di pikaceuceub ku jelema di pika sebeul.
sabab sirik pidik panyakit anu pang goreng2na sadunya,panyakit iyeu pisan anu jadi bibit buit sumarambahna FITNAH sedngkeun fitnah leuwih bahaya tibatan maehan.

__teu saeutik jeulema anu pasea rongkah silih bacok,silih intip pasti begalan nyawa dilantarakeun fitna,anu kasang tukangna SIRIK PIDIK.

__teu saeutik jelema di kerem,di obag,di siksa malah nepi ka perlaya,ngemasi pati sabab di fitnah anu kasang tukangna SIRIK PIDIK.

__teu saeutik jelema anu tunggara jadi balangsak,di peucat ti pagawean nana,di hukum ku masarakat yen si eta bangsat,akibat fitnah,anu kasang tukangna singhoreng SIRIK PIDIK keneh bae.
padahal pami di emutan di bulak balik,naon manfa'atna jeung untungna tina sirik pidik?.

GERA URANG LENYEPAN.
__pedah tatangga ngomean imah pedengheul hate ngabagegel,timbul rasa dongkol,timana sieta meunang duitna,boa-boa meunang maling. biur kaditu biur kadieu nenagan beja,bari kucuwas kecewis nyebarkeun fitna ari hasilna kuamha? nu puguhmah ,waktos seep,musuh namabhan ,ejeki ngajauhan,imah batur tambah ngajengleng urang kabagean pusingna,ngeuneus mikiran imah tatangga.
naudzubillah! naon manfa'atna?

__lat tatangga tumpak motor,hayoh ngadon medengheul hate,majar teh boa2 sieta korufsi. padahal meunang jerih payah dug hulu pet nyawa. hasilna kumaha?jeung tatangga tambah anggang,motor batur anggeur ngadurutdut,urang kabagean beugangna,teu puguh2 geura sok emutan??
tapi lamun kauntungan batur teh hasil tina ngarugikeun urang,etmah beda deui masalahna; hukumna wajib nahi mungkar.
umat ISALAM lain di titah ngajanteng di sisi jalan bari nemprang suku batur anu ngaliwat, sabab hasilna,batur teu kaur laju,urang ngajengjeun teu daek maju. tapi umat islam di parentah ku Alloh:FASTABIQUL KHAEROT balap dina kaalusan,balap dina kahadean,balap dina karya nyata.TAPI ANU JADI PATOKAN.
__OMAT,nenagna kauntungan keur psribadi teh,ulah bari ngarugikeun anu lian(kade urang hayang naek bari nejeh anu lian)

__piceun sipat "silih tekuk teh jeung saha deui kajaba jeung batur sorangan" lamun urang nempo dulur maju,piraku teu bungah,tapi naha ari urang nempo dulur sasama muslim maju beut kalah SIRIK FIDIK?
COBA EMUTKEUN PADAHAL ETATEH DULUR KENEH.

DAWUH ROSUL:
"singsaha anu nyumponan pangabutuh dulurna, Alloh bakal nyumponan pangabutuh eta jalma,jeung siang saha anu nulung kana kasusah dulurna, Alloh pasti nulung tina ka susah eta jalma engke di yaumil qiyamah"

jadi tetela yen SIRIK FIDIK teh hiji kakaliruan jeung hiji panyakit anu kudu gancang-gancang sipiceunm(di kukut oge moal matak untung)
mudah mudahan urang sadaya sing parek rejeki,tur jauh balai.
sakumaha dauh Alloh dina Al Qur'an dina surat HUD.6 anu pihartoseunana wallohu'alam: sakur jalmi anu kumarayap di iyeu bumi,rizqina geus di tangtukeun ku Alloh,asal daek ikhtiar jeung rajin.
WALLOHU'ALAM.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar