Tujuh golongan jalma nu kaihuan
Ku payungna karaton Alloh Nu Heman
Dina waktu kabeh makhluk kapanasan
Tujuh panon poe banget deukeut pisan
Kira sa-mel jarakna luhureun sirah
Di mahsyar nu sempit nu teu puguh arah
Pada taranjang nyareker silih leyek
Ku kesang ka keueum sing koceak dengek
Rebu-rebu tahun makhluk kalaparan
Bangeut hanaang ku Gusti diantepan
Komo yahudi karisten bangsa syetan
Kafir majusi bangeut kasiksa pisan
Anging tujuh golongan nu tadi tea
Henang hening nganggo anggoan sadaya
Hiji pamimpin nu adil tara cidra
Nyaah ka rakyat teu ngantep nu sangsara
Dua nonoman nu getol ibadahna
Ti bubudak teu kotor ku maksiatna
Tilu jalma nu hatena nyantel bae
Ka masjidna bulak balik sono bae
Opat jalma nu nyobat dina agama
Teu karna dulur tawa bisnis bersama
Lima jalma nu hanteu bisa kagembang
Ku istri bangor ka Pangeran mumuntang
Genep nu rajin sidekah rerencepan
Taya nu nyaho saurang-urang acan
Tujuh jalma nu rajin ceurik nyorangan
Dzikir ka Gusti nginghak teu kanyahoan
Mangga geura singkil lebet kanu tujuh
Tawa salasahijina ameh puguh
Aya arep-arepaneun di akherat
Muga ieu nazhom ka urang manfaat
Ku payungna karaton Alloh Nu Heman
Dina waktu kabeh makhluk kapanasan
Tujuh panon poe banget deukeut pisan
Kira sa-mel jarakna luhureun sirah
Di mahsyar nu sempit nu teu puguh arah
Pada taranjang nyareker silih leyek
Ku kesang ka keueum sing koceak dengek
Rebu-rebu tahun makhluk kalaparan
Bangeut hanaang ku Gusti diantepan
Komo yahudi karisten bangsa syetan
Kafir majusi bangeut kasiksa pisan
Anging tujuh golongan nu tadi tea
Henang hening nganggo anggoan sadaya
Hiji pamimpin nu adil tara cidra
Nyaah ka rakyat teu ngantep nu sangsara
Dua nonoman nu getol ibadahna
Ti bubudak teu kotor ku maksiatna
Tilu jalma nu hatena nyantel bae
Ka masjidna bulak balik sono bae
Opat jalma nu nyobat dina agama
Teu karna dulur tawa bisnis bersama
Lima jalma nu hanteu bisa kagembang
Ku istri bangor ka Pangeran mumuntang
Genep nu rajin sidekah rerencepan
Taya nu nyaho saurang-urang acan
Tujuh jalma nu rajin ceurik nyorangan
Dzikir ka Gusti nginghak teu kanyahoan
Mangga geura singkil lebet kanu tujuh
Tawa salasahijina ameh puguh
Aya arep-arepaneun di akherat
Muga ieu nazhom ka urang manfaat
Tidak ada komentar:
Posting Komentar