7 macem paniatan nyiar elmu

(*) Sholatullohi ma lahat kawakib _#_ 'Alahmad khoiri man rokibannajaa-ib.

ari niat nyiar élmu tujuh rupa,_#_ tina hiji ogé omat ulah lupa.
hiji niat milari ridho-Na Gusti, _#_ dua nyuprih bagja akhérat nu pasti.
*
tilu seja ngahilangkeun kabodoan.. _#_ ti pribadi, kaopatna ti nu lian.
lima seja ngahirup-hirup agama,_#_ ku ngajina tur ku ngawuruk sasama.
 *
kagenepna nganiatan ngalanggengkeun,_#_ kana agama islam nu di mulyakeun.
katujuhna seja syukur ka Pangéran _#_ dipaparin ni'mat akal sehat badan.
*
poma omat ulah aya pasejaan _#_ améh jalma madep ngahormat sampéan.
'tawa ngarah engkéna loba nu ngondang, _#_ diruka-réka ambéh jadi nu kondang.
*
sarta ulah karana dunya barana, _#_ ngarah amplop berekat nu henteu lana.
deui omat tong karana hayang dihurmat _#_ ku pejabat, atawa sieun di pecat.
*
ogé tong karana pangkat kadunyaan, _#_ prak jalankeun muga meunang kabagjaan.
ogé tong karana pangkat kadunyaan _#_ prak jalankeun muga meunang kabagjaan

(kengeng copas tina postingan ustadz A badai abdaz dina grup 3D cinta sholawat)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar