puji kagungan alloh
rohmat salam ka rosululloh
sohabat tur kulawargi
pejuang agama alloh
isla agama nu bener
sejah tera luas tur damai
rukun lima nu utama
amalkeun masing sampurna
syahadat teh pondasina
sholat teh jadi tihangna
zakat dingding shaum kusenna
haji nujadi kentengna
rukun islam teh pahamkeum
amaliahna gerakeun
panggerakna ge dijieun
agungna islam buktikeun
syahad kudu ngabukur
ma'rifat , mahabbah, syukur
jihad berjuang cing akur
hate ikhlas ulah kabur
syahadat teh di kuatan
tholab elmu, maca qur'an
loba dzikir kapangeran
ngalawan nafsu jeung syetan
sholat ge kudu ngabuah
munajat sinareng qurbah
ta'awun sareng imamah
kahirupan sing barokah
sholat kudu diperkuat
awal waktu berjamaat
makmur masjid khusyu khidmat
sing lengkeup pardhu jeung sunat
qobliyah ba'diyah ketat
tahajud,tasbeh jeung hajat
dhuha jeung sunat sejena
usahakeun sing sampurna
zakat sing puguh buktina
tanmiyah jeung barokahna
ta'awun taqoddum,izzah
islam teh nyata hebatna
zakat nyata perjuangan
mun nisab geura zakatan
can nisab ge lalanyahan
dua satengah persenan
ti leuleutik biasakeun
sawarehna harta bikeun
bentuk amilin nu leukeun
sifat amanah tegakeun
shaum oge kudu nyata
sobar, tahamul, qurbah na
barokah sarta wusulna
islam teh nyata tangguhna
shaum romadhon matepkeun
tadarus qiyam lengkepkeun
zakat fitri laksanakeun
silaturahmi kuatkeun
shaum wajib sing sampurna
sunnat jeung senen kemisna
'arafah daud jeung liyana
shaum kasucian nana
haji kudu bukti mabrur
iman ibadahna luhur
bisa ngageurakeun batur
umat akur islam luhur
(di anggit ku kersana kasepuhan KH. zezen ZA bazul asyihab. pondok pesantren azzainiyyah)
Assalamu'alaikum
BalasHapusSampurasun
kaleresan abdi teu apal lagamna
mung tiasa masihan mp3 kanggo kapihartosan abdi
Hatun Nuhun
www.facebook.com/taufik.p.hidayat
Saya juga masih mencari mp3 atau versi videonya tapi blm nemu
BalasHapusTiasa dongkap k ponpes azzainiyyah
BalasHapusNyuhun kin file pdf na a pmi tiasa mah🙏
BalasHapusRukun Islam
BalasHapus