- aya genep umat kaula anu bakal asup kasurga
- kahijina jalma ngora ibadah teu lalawora
- Kaduana cisocaan banget isin ku pangeran
- katiluna getol calik dina riungan ulama
- kaopatna leungit harta henteu reuwas henteu nyaah
- tibatan ninggalkeun sholat lima waktu berjamaah
- kalimana sholat duha teu boga rasa mungkaha
- kagenepna henteu reuwas dimana datang musibah
- ngan sakitu iyeu pepeling muga-muga janten panggeuing
- pikeun dulur-dulur kabeh ti alloh nu maha gofur
sae pisan blog na, nyunda... nyuhunkeun widi sim kuring maksad ngunduh sareng ngamanfaatkeun artikel artikelna... sukron... jazakumullohu ahsanal jaza...
BalasHapusNgiring Nambihan yai...
BalasHapusUmat Nabi dicawiskeun
Di surga tujuh golongan
Kahiji jalma nonoman
Getol Tobat ka Pangeran
Kadua jalma Berehan
Shodaqoh teu ditembongkeun
Tilu Anu unggal dinten
Sholat dluha didawamkeun
Opat tukang berjama'ah
Sanajan loba kariweuh
Leungit harta henteu nyaah
Batan lepot berjama'ah
Ari anu kalimana
Jalma anu tara zinah
Najan geulis nu ngajakna
Sieun ku siksa narakana
Ari anu kagenepna
Nu sok ngariung ulama
Ngadangukeun piwurukna
Hayang bagja akheratna
Dawuh Allah dina qur'an
Surah THOHA lalenyepan
Dawuh Allah maha Rohman
Sing getol kapangaosan
Saha jalma nu berpaling
Kana ngaos tara sumping
Jangji Allah tara sulaya
Hirup faqir teu waluya
Tujuh surga dicawiskeun
Kanu sok ngucur cipanon
Banget isin ku pangeran
Dosa leutik di taubatan
(Wallaahu A'lam)
Al Faqir, K. Ang Hidayatusshibyan Asy-Syafi'ie
Mudlirul Ma'had Miftahul Huda Al-Mubarak
Serang-Cigawir-Selaawi-GARUT
❤️
HapusIjin copas kiayi
BalasHapusMantap
BalasHapusBagus saya suka
BalasHapusSubhanallah terimakasih saya jd inget dulubwkt kecil ...nyari2 lupa katanya dan akhir nya nemu alhamdllah...saya suka
BalasHapusSae pisan
BalasHapusKomentar ini telah dihapus oleh pengarang.
BalasHapus