NADHOM AYA GENEP NUBAKAL ASUP KASURG


  • aya genep umat kaula anu bakal asup kasurga
  • kahijina jalma ngora ibadah teu lalawora
  • Kaduana cisocaan banget isin ku pangeran
  • katiluna getol calik dina riungan ulama
  • kaopatna leungit harta henteu reuwas henteu nyaah
  • tibatan ninggalkeun sholat lima waktu berjamaah
  • kalimana sholat duha teu boga rasa mungkaha
  • kagenepna henteu reuwas dimana datang musibah
  • ngan sakitu iyeu pepeling muga-muga janten panggeuing
  • pikeun dulur-dulur kabeh ti alloh nu maha gofur

9 komentar:

  1. sae pisan blog na, nyunda... nyuhunkeun widi sim kuring maksad ngunduh sareng ngamanfaatkeun artikel artikelna... sukron... jazakumullohu ahsanal jaza...

    BalasHapus
  2. Ngiring Nambihan yai...

    Umat Nabi dicawiskeun
    Di surga tujuh golongan
    Kahiji jalma nonoman
    Getol Tobat ka Pangeran

    Kadua jalma Berehan
    Shodaqoh teu ditembongkeun
    Tilu Anu unggal dinten
    Sholat dluha didawamkeun

    Opat tukang berjama'ah
    Sanajan loba kariweuh
    Leungit harta henteu nyaah
    Batan lepot berjama'ah

    Ari anu kalimana
    Jalma anu tara zinah
    Najan geulis nu ngajakna
    Sieun ku siksa narakana

    Ari anu kagenepna
    Nu sok ngariung ulama
    Ngadangukeun piwurukna
    Hayang bagja akheratna

    Dawuh Allah dina qur'an
    Surah THOHA lalenyepan
    Dawuh Allah maha Rohman
    Sing getol kapangaosan

    Saha jalma nu berpaling
    Kana ngaos tara sumping
    Jangji Allah tara sulaya
    Hirup faqir teu waluya

    Tujuh surga dicawiskeun
    Kanu sok ngucur cipanon
    Banget isin ku pangeran
    Dosa leutik di taubatan

    (Wallaahu A'lam)
    Al Faqir, K. Ang Hidayatusshibyan Asy-Syafi'ie
    Mudlirul Ma'had Miftahul Huda Al-Mubarak
    Serang-Cigawir-Selaawi-GARUT

    BalasHapus
  3. Subhanallah terimakasih saya jd inget dulubwkt kecil ...nyari2 lupa katanya dan akhir nya nemu alhamdllah...saya suka

    BalasHapus
  4. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus