rosululloh SAW.parantos ngadauh: kudu ngagunakeun maneh kana lima perkara samemeh datng lima perkara.
1.kangoraan anjeun samemeh datng ka kolotan anjeun.
2.kasehatan anjeun samemeh gring anjeun.
3.waktu kakosongan samemeh datng waktu kariweuhan.
4.meungpeung beunghar memeh faqir.
5.meungpeung hirup memeh maot.
(rowi al baihaki an ibnu umar)
1.kangoraan anjeun samemeh datng ka kolotan anjeun.
2.kasehatan anjeun samemeh gring anjeun.
3.waktu kakosongan samemeh datng waktu kariweuhan.
4.meungpeung beunghar memeh faqir.
5.meungpeung hirup memeh maot.
(rowi al baihaki an ibnu umar)
nadhomna
anjeun kudu ngagunakeun = ulah reseup di anggurkeun
memeh lima kaalaman = kuduri anjeun sorangan
hiji waktu ka ngoraan = pake kana kahadean
dipake to'at ka Alloh = ulah ma'syiat ka Alloh
anjeun kudu ngagunakeun = ulah reseup di anggurkeun
memeh lima kaalaman = kuduri anjeun sorangan
hiji waktu ka ngoraan = pake kana kahadean
dipake to'at ka Alloh = ulah ma'syiat ka Alloh
meungpeung2 keur ngorana = ibadah bisa sampurna
beda jeung enggeus kolotna = ibadah henteu sampurna
pangna henteu sampurnana = awak loba karasana
dina sagala rupana = kakuatan geus ngurangan
kaduana pek gunakeun = waktu cageur diri anjeun
pake kana kahadean = memeh datng panyakitan
keur cageur bisa sampurna = dina amal ibadahna
tapi dina keur gringna = kuma bisana sampurna
katiluna pek gunakeun = waktu nu kosng gunakeun
pake kana kaalusan = dunya jeung kaaheratan
memeh datng kariweuhan = keur riweuhmah hese pisan
sabab loba pagawean = nu sejena katinggalan
ka opatna pek gunakeun = dina waktu kasugihan
sugih harta ka bendaan = pek gunakeun manfa'atkeun
harta banda nu lobana = leuwih tina kabutuhan
zariahkeun sawarehna = kapentinga agmana
diskah kajalma faqirna = ka miskin ngurus yatimna
ageung atawa alitna = bari sing ikhlas atina
memeh datang ka faqiran = geus faqirmah kafayahan
rek sidkah teu aya bahan = zaeiah ngan caritaan
ngan hate bati hayngna = hayang amal sodakohna
zaeiah taya buktina = taya ka manfuhan nana
kalimana fek gunakeun = dina waktu hirup anjeun
memeh datang maot anjeun = ku amal sae seueurkeun
namung sakieu rupina = nerangkeun ma'na hadisna
mugi ageung manfaatna = bisa ngamalkeun eusina
amiiiiin istajib ya Alloh,,,,!!!
AAAJJIIIBBBB
BalasHapus